Lompat ke isi

Rupa-Rupa Tradisi Di Kampung Adat Ciptagelar Sukabumi

Dari Wikibuku bahasa Indonesia, sumber buku teks bebas
Rupa-Rupa Tradisi di Kampung Adat Ciptagelar Sukabumi
Ciptagelar
Ciptagelar

Saha anu pernah ulin ka kampung adat Ciptagelar di Sukabumi? Aya naon waé di kampung adat Ciptagelar téh? Hayu urang bandungan lalampahan ka kampung adat Ciptagelar di Sukabumi!

Kampung adat Ciptagelar mangrupakeun salah sahiji komunitas adat di tatar Sunda anu pernahna di Kacamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi Jawa Kulon. Ieu kampung adat téh masih kénéh ngamumulé tradisi kolot jaman baheula anu diwariskeun ti 644 taun kapungkur. Lantaran lamun ninggali tina sajarahna mah masarakat kampung adat Ciptagelar geus aya ti taun 1368 M. Kampung adat Ciptagelar mindeng  disebut ogé Kasepuhan Ciptagelar. Kecap kasepuhan miboga harti tempat cicingna nu disepuhkeun. Cek dongéng mah ieu tempat téh baheula dipaké pikeun tempat nyumputna masarakat karajaan Pajajaran anu keur diudag ku Kesultanan Banten. Prabu Siliwangi maréntahkeun pikeun balad-baladna pikeun néangan tempat anu aman séwang-séwangan sangkan salamet salaréa. Aya anu lumpat ka daérah Urug (kiwari Bogor), daérah Citorék (Bantren), Sinarmas, jeung Ciganas (Sukabumi).

Pupuhu kampung adat Ciptagelar disebutna “Abah”. “Abah” miboga sababaraha Menteri adat anu disebutna baris kolot. Aktivitas tatanén di kampung adat Ciptagelar katelah sakralna lantaran loba papagon anu kudu dilakonan nalika éta tradisi dilaksanakeun. Puseur aktivitas masarakat Ciptagelar aya dina paré. Prosés ngolahna gé masih kénéh tradisional ulah make tractor atawa pakakas modern séjénna. Aya sababaraha tradisi anu patalina jeung melak paré, di antarana: ngaseuk, mipit, nganyaran, pongokkan, jeung sérén taun. Lian ti éta, leuit di kampung adat Ciptagelar mibanda simnol pikeun kasejahteraan jeung nuduhkeun status sosial di masarakat adat.

Sakabéh aktivitas masarakat Ciptagelar puseurna dina paré, aya sababaraha tradisi anu dilakukeun nalika siklus mangsa tatanén. Éta siklus téh di antarana:

Ngaseuk  mangrupakeun tradisi anu ngawalan siklus kahirupan masarakat kasepuhan Ciptagelar. Ngaseuk dihartikeun proses melak paré. Kecap ngaseuk miboga harti melak paré di huma (lahan kering) ku cara ngagunakeun aseuk (iteuk anu handapna seukeut) pikeun nyieun taneuh sangkan bolong lantaran rék diasupan binih paré anu rék dipelak. Ieu kagiatan dipingping langsung ku Abah, ti mimiti turun ka lahan huma pikeun mingpin ritual anu jadi pananda yén melak paré geus dikawitan. Waktu anu dipikabutuh nalika proses ngaseuk ditangtukeun ku kasepuhan ngaliwatan prosési anu disebut Tutup Nyambut. Lamun éta prosési geus dilaksanakeun hartina ritual ngaseuk geus lekasan.

Mipit atawa lamun ditarjamahkeun kana basa Indonesia hartina memetik atawa menuai. Mipit paré dilaksanakeun ngagunakeun pakakas tradisional ngaranna étém atawa peso leutik. Tujuanana sangkan paré anu dipetik weuteuh nepi ka watangna. Tuluy éta paré anu geus dipetik dipoé sababaraha minggu nepi ka garing, sanggeusna diasupkeun ka leuit (lumbung padi). Sapoé saméméh kagiatan mipit, masarakat kampung adat kudu nataharkeun awi, tali, jeung kayu anu digunakeun pikeun moé jeung nalian hasil panén. Lian ti éta sesepuh kampung adat ogé ngalakukeun tradisi ziarah di sababarah tempat di wilayah Bogor, Sukabumi, jeung Banten. Sanggeus réngé ditataharkeun masarakat kampung adat ogé ngalaksanakeun prosésim carita mipit. Éta prosesi dilaksanakeun ku masarakat ku cara ngadatangan para sesepuh ku cara mawa kadaharan, duit, jeung béas tuluy ménta didu’akeun sangkan dibéré kasalametan jeung hasil panén anu alus.

Nganyaran nyaéta prosési ngala hasil panén tina paré anu geus dipelak di éta taun. Kagiatan ngayaran  dimimitian ku kagiatan nutu paré anu dilakukeun sasarengan ku para istri. Pakakas anu digunakeun nyaéta lisung. Sanggeus nutu, dilajeungkeun kana kagiatan ngisikan atawa ngumbah béas anu geus ditutu, sanggeusna dilajeungkeun kana proses nyangu. Proses nyangu dipingping ku pamajikanana abah anu disebut ema alit. Prosésna mikabutuh waktu dua jam. Nalika kadaharan geus siap tuluy disuguhkeun ka sakabéh masarakah anu aya di kampung adat Ciptagelar.

Malasari seren Taun
Malasari seren Taun

Sérén taun mangrupakeun upacara pikeun méré hormat ka sesepuh atawa Déwi Sri atawa dina basa Sunda sok disebut Nyai Pohaci Sanghyang Asri anu ngalambangkeun paré. Sérén taun mangrupakeun upacara adat anu dilaksanakeun sanggeus paré dipanén. Ieu upacara dilaksanakeun tiap taun sacara rutin, pamilonna sakabéh masarakat kampung adat timimit murangkalih nepi ka kolot kabéh ngiluan dina ieu upacara. Dumasar kecapna, Sérén miboga harti mikeun atawa menyerahkan, sedengkeun taun hartina tahun. Jadi, sérén taun téh lambang mikeun hasil panén taun kamari pikeun panén di mangsa ka hareup. Kagiatan sérén taun di kampung adat Ciptagelar dikawitan ku cara masarakan mikeun hasil panénna ka pupuhu adat, sanggeusna masarakat mawa paré tuluy diarak anu dipirig ku kasenian angklung rénténg jeung angklung dogdog lojor. Para istri mapag éta arak-arakan ku cara nabeuh lisung sabari ngahaleuangkeun lalaguan jeung anri. Fungsi ritual tina tradisi sérén taun miboga lambang rasa sukur kana hasil panén, sarta du’a sangkan dibéré kasalametan jeung dijaga sangkat bisa panén deui di taun hareup.