Lompat ke isi

Kaulinan Barudak Kabupatén Ciamis

Dari Wikibuku bahasa Indonesia, sumber buku teks bebas
Kaulinan Barudak Kabupatén Ciamis


Buku katalog Kaulinan Tradisional Kabupatén Ciamis ieu, mangrupa buku katalog ngeunaan kaulinan badudak, anu dijieun pikeun proyék Yuwana. Rupa-rupa kaulinan tradisional anu aya dina ieu katalog, dikumpulkeun dumasar kana salah sahiji wewengkon di Jawa Kulon, nyaéta Kabupatén Ciamis. Tulisan dina buku katalog Kaulinan Barudak ieu téh, mangrupa hasil pangalaman, panitén, sarta dumasar kana data nu geus dikumpulkeun saméméhna, anu mangrupa dokuméntasi kaulinan barudak dina wangun audio visual, poto, jeung wawancara ka para praktisi, kolot, akademisi, sarta dilengkepan ogé dumasar kana hasil studi pustaka. Kaulinan-kaulinan dina ieu katalog, bisa jadi hirup atawa jadi kaulinan ogé di wewengkon séjénna. Boh éta sarua atawa béda ngaranna. Ngan, ku ayana buku katalog Kaulinan Barudaj kabupatén Ciamis ieu, dipiharep pamaca bakal mikaweuh rupa-rupa kaulinan barudak naon waé anu kungsi atawa masih hirup di Kabuptén Ciamis.

Kondisi Kaulinan Barudak di Kabupatén Ciamis

Sakumaha anu geus dipikanyaho ku urang, yén Kabupatén Ciamis mangrupa salah sahiji kabupatén di Jawa Barat anu